Minggu, 06 Desember 2015

Paguneman basa sunda


PAGUNEMAN 

Paguneman nya eta kagiatan nyarita nu mangrupa kalimah langsung sarta para palakuna silih tempas ngalakukeun tanya jawab ( sipatna dua arah ).
Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman nya eta :
1. Lafal ( artikulasi bentesna sora nalika maguneman)
2. Lentong Kalimah ( kudu puguh entep seureuhna antara pesen jeung struktur kalimah nu digunakeun, sarta luhur handap jeung panjang pondokna sora pieun ngabedakeun fungsi kalimah)

3. Sora
4. Basa (pilihan kecap/diksi); saha lawan nyarita, jeung dina kaayaan/situasi naon. hartina kudu merhatikeun tatakrama basa Sunda
5. Ngajiwaan ( ekspresi; pasemon/raut muka, jeung sikep awak/rigig waktu maguneman, ngarah nambah pesen nu ditepikeun leuwih katarima ku lawan nyarita )

Bedana paguneman jeung wawancara nya eta :
Wawancara mah kaasup kana nyarita saarah, palakuna aya nu bagian nanya (husus-nu ngawawancara) jeung aya nu bagian ngajawab (narasumber). Sedengkeun paguneman mah silih tempas, unggal palaku migoga hak pikeun nanya jeung ngajelaskeun atawa ngajawab.



(Conto paguneman dina Basa Sunda)

Ènjing kènèh pisan, Adi atos dugi di bumi Imran. Mangsa mangkukna, dua sobat ieu ngarencanakeun kanggo angkat ka Garut.
Adi : Ran, tos siap?
Imran : Aduh, puguh kabeurangan... Antosan heula nya?
Adi : Oh, sip gampil. Da ènjing kènèh ieu, asal tong indit beurang teuing wè bisi kabujeng macèt euy.
Imran : Heem. Badè ibak heula, Ambèh rada seger.
Teu sabaraha lami, jol tèh Imran tos nganggo acuk nu rapih.
Imran : berangkat ayeuna urang tèh, Di?
Adi : Nya hayu ari tos siap mah. Kin urang panaskeun heula motorna.
Imran: Mangga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar